Halaman

  • RSS
Latest Post
Loading...

Minggu, 15 Desember 2013

Hujan Ngagebret

in Cerita , Renungan , Sajak
Hujan ku ngagebretna...siga nu nemplokkeun cai saeusi dunya..katambah ku angin ngahiyab satarikna...ngagiringkeun cai templok sakabehna....bari ting burinyay kilat lir silih udag luncat kana mata...dituturkeun kusora ngaguruh ngoyogkeun sadaya pangeusi alam dunya...matak rewas tur kacida sieuna...duh gusti nu maha kawasa kana sadaya perkara...abdi nyalindung tina sadaya kajadian nu matak ngarempagkeun jiwa.....paparin abdi katetepan tur kakiatan hate nu bisa muji syukur kana sadaya nikmat ti gusti...leuleuskeun jiwa abdi tina nampi pepeling ti gusti..Ya Rahman..Ya Rahiem.